Kamis, 18 Februari 2016

Pantun Sisindiran Santri Zaman Kiwari


Ka Banten abdi ka Banten
Ka banten rek palesiran
Hapunten abdi hapunten
Hapunten rek sisindiran

SANTRI  HARDZOLIN

Lamun beurang teu aya gawe
Di Pasantren ngan ukur sare
Da tipeuting gadang wae
Atawa mener ka awewe

Ari masantren di huda
Padahal mah enggeus lila
Ditanya ngaji teu bisa
Matak ngerakeun ka huda

Kahade masing waspada
Terutami ka santri huda
Masantren tong poya-poya
Lamun can bisa ngajina

Lamun balik taya gawe
Di imah ngan ukur sare
Da tipeuting gapleh wae
Atawa SMS-an ka awewe

Ari kabogoh geus boga
Papacaran enggeus lila
Rek apel euweuh biaya
Belaan ngahutang heula

Kahade masing waspada
Terutami ka pamuda
Hirup ulah poya-poya
Lamun can boga usaha

ISTRI BEJAD IMAN

Seueur dizaman kiwari
Istri nu ngajual diri
Modalna anu utami
Nyaeta dagang sorabi

Kahormatan dimumurah
Geus euweuh pisan kanyaah
Ngobral cinta eunggeus murah
Lumayan keur meuli uyah



Awewe zaman kiwari
Teu seubeuh lalaki hiji
Sanajan enggeus nini-nini
Ku bujang hayang kapuji

Awewe kudu gumati
Sing bisa ngajaga diri
Ulah pedah ku payu diri
Susu ditukeur kowaci

Ayeuna geus zaman edan
Di kota di pakampungan
Awewe cari muatan
Kanggo meuli perhiasan

Pake pakean akurat
Niru-niru urang barat
Pake rok mini mani ketat
Akhirna serba terlihat

Samping gen nyakitu deui
Geus diganti ku rok mini
Mun diuk katembong farji
Yang membangkitkan birahi

AWEWE BANGOR

Ma’lum awewe ayeuna
Loba nu kurang imana
Wani ngajual dirina
Keur nyumponan kahayangna

Awewe bangor cirina
Sok wani masrahkeunana
Lamun geus beunang dirayuna
Kana sakabeh dirina

Malam minggu enggeus tangtu
Anu apel enggeus ngabaku
Kadang-kadang sok diwaktu
Mun bog kabogoh tilu

Dasar mindeung deudeukeutan
Tipeuting duduaan
Akhirna mah wani pisan
Sare sakasur duaan

Bahaya aduh bahaya
Mun pamudi jeung pamuda
Can kawin geus jajap suka
Silih budalkeun kasuka
Kahade mangka kahade
Kasadayana awewe
Hirup ulah kitu bae
Hirup moal ngora wae

Salawe dua puluh lima
Anak buyut momotoran
Awewe zaman ayeuna
Leutik-leutik geus kotorn

ISTRI

Ieu abdi nu duaan
Maksad bade nadzoman
Sareng bade mepelingan
Khususna ka istri pisan

Prawan jaman ayeuna
Kahayangna warna-warna
Make baju panghadena
Hayang kataksir pamuda

Awewe nu tara eling
Gawena ngan ubrang-abring
Tara pisan make samping
Sok nembong-nembong ping-ping
 

Awewe zaman ayeuna
Geus luas make calana
Teu inget laku doraka
Padahal etateh doraka

Isrti di zaman kiwari
Marake lancingan begi
Atawa make rok mini
Persis pisan jurig kunci

Tah istri nu kitu laku
Ka salaki nyieun babu
Nunjuk bari dulak delek
Kasalaki ngajejelek

Tah anjeunmah ulah kitu
Bisi ku Alloh di bendu
Ulah rasa aing geulis
Kalkuan ciga iblis

Kembang eros sisi pager     
 
Di petik ku anak cina
Abdi naros teu di waluer
Neurina kabina-bina
Kapinis di adu layung
Macokan kembang kalapa
Nu gelis tara di tiung
Di asupkeun kana naraka

Terong peot saboboko
Lumayan coel coeleun
Mojang peot nongtot leho
Umayan toel-toeleun

Salawe dua puluh lima
Mesin mobil cetna hejo
Awewe zaman ayena
Bisa dangdan teu bisa ngejo

Mimitina melak leunca
Sisigawir taneh beurem
Mimitina akang cinta
Nium biwir bari pereum

Melak jaer dina keusik
Dituruban daun kalapa
Ulah bEGEr tileuleutik
Nyusahkeun indung bapak

Mimitina puring di soren
Geus lila di asihkeun
Mimitina kuring masantren
Geus lila dikawinkeun

Kukira baju kameja
Tur nyata baju kabaya
Kukira cinta setia
Ternyata engkau buaya

Situ pinuh balong limpas
Ngala cai kaeuredan
Itu imut abdi waas
Papanggih paduduaan

Naek sado rek kapasar
Dituturken ku bebiben
Masing rido masing sabar
Tungguan akang masantren

Boga emas mani ageung
Di samberan ku japati
Boga emas moal langgeung
Teu cara boga pangarti


Suganteuh ucing sahiji
Sihoreng eluk jeung lalay
Suganteuh ngeluk keur ngaji
Sihoreng ngEluk jeung ngeulay

Botol limun siga seuntur
Di eusi cai walungan
Lamun santri anu pinter
Sok jadi mantu ajeungan

Tunggu pare dina saung
Ngala gedane parang ciung
Kunaon hate teh bingung
Kabandang ku anu di tiung

Hayu urang mandi ka cai
Ngarah ngruru ku batu
Kudu daek kawin ka santri
Ngarah meunang jampe wudu

Buat apa beli lipstik
Kalau tidak beli klip biru
Buat apa wanita cantik
Kalau tidak punya ilmu

Mah tolong beliin pita
Pita yang berwarna coklat
Mah tolong cariin wanita
Wanita yang suka sholat

Di kameja di astana
Buntiris daun kandela
Ngalaga jaman ayeuna
Ngageulis teu bisa nyambelna

Ngali liang ngali liang
Ngalana meunang lima
Ngawiwirang-ngwiwirang
Cintana teu di tarima

Agustus salapan dua
Bebeakan nepi ka peuting
Mun tulus mantak era
Dilongokan unggal peuting

Salawe dua puluh lima
Kacang panjang dikarungan
Awewe jaman ayeuna
Buuk panjang di tukungan

                                                                       
 
Aya bancet dina batu
Anak simet ukur moyan
Lain pelet nu teu mampu
Tapi beungeut teu ngijinan

Calingcing hasem rasana
Cingcau ti gunung cina
Gening kitu karasana
Nujauh ti indung bapa

“Beuli cincin di bekasi
Matana di emas perak
Biar miskin asal santri
Selamat dunya akherat”

Janganlah meminum panta
Sebelum makan jambu
Janganlah bermain cinta
Sebelum punya ilmu

Salawe dua puluh lima
Titik-titik totol-totol
Awewe jaman ayeuna
Leutil-leutik beuki kontol

Kuring hayang peuti besi
Bongan galeude pakuna
Kuring hayang ka nyai santri
Bongan galeude susuna

Calingcing buah calingcing
Unggal dahan ditalian
Ti peuting teu ngeunah cicing
Hayang geura di rapalan

Timah beunang di ragaji
Di potongan kawas kolor
Ti imah indit rek ngaji
Dikobong ngan ukur molor

LALAKI SLEBOR

Sueuer di jaman kiwari
Istri ka jeblos lalaki
Ngaku acan boga istri
Padahal geus boga anak hiji


Ari lalaki ngakuna Ngan saukur bujangan
Katiap-tiap nonoman
Padahal atos anakan


Padahal atos anakan
Dasar Lalaki bajingan

"tonton vidiona" tah kantun di klik :
https://www.youtube.com/watch?v=5EBhIWzcOCI








Tidak ada komentar:

Posting Komentar